tujuan tina wawancara nyaeta?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Tujuan tina wawancara nyaeta pikeun meunangkeun informasi anu bener ti narasumber kompeten anu informasi eta diperlukeun ke anu ngawawancara. Wawancara teh nyaeta obrolan lisan tanya jawab, dua arah, dua orang atawa leuwih. Jalma anu aya dina wawancara, fungsina dibagi dua, nyaeta nu ngawawancara jeung nu diwawancara atawa sok disebut oge narasumber. Dina ngalakukeun wawancara anu ngawawancara kudu bisa miboga sikep netral jeung objektif.
Pembahasan
Ditilik tina kagiatanana wawancara teh siga sarua jeung paguneman. Paguneman nyaeta nyarita dua arah, silih tempas antara dua urang atawa leuwih. Aya bedana wawancara jeung paguneman nyaeta yen ari dina wawancara mah aya anu tugasna nanya atawa sok disebut anu ngawawancara jeung aya oge anu tugasna ngajawab atawa sok disebut narasumber, sedengkeun ari dina paguneman mah saha wae bisa silih tempas atawa saha wae bisa silih tanya jawab.
Pelajari lebih lanjut
- Naon nu disebut wawancara brainly.co.id/tugas/881807
- Conto wawancara jeung polisi brainly.co.id/tugas/2493406
- Conto wawancara jeung pedagang nasi goreng brainly.co.id/tugas/9597212
__________
Detil Jawaban
Kelas : XI
Mapel : Bahasa Sunda - Wawancara
Bab : 7
Kode : 11.13.7
Kata Kunci : Tujuan tina wawancara