Sisindiran. 1 ..................... .................... Mun di ajar ulah Bangor Bisi katinggaleun batur 2. ..................... ...................... Omat ul
B. Daerah
Tiaranovti
Pertanyaan
Sisindiran.
1 .....................
....................
Mun di ajar ulah Bangor
Bisi katinggaleun batur
2. .....................
......................
Omat ulah osok nyonto
Eta teh gawe curaling
3. ......,............
...................
Ngimpi hayang jadi dokter
Ngitung bae henteu bisa.
4. ................
................
Pa Ibnu guru fisika
Keur kasep teh jaba bageur
5. ...............
...............
Ngomong Inggris mani tipis
Hanjakal sunda teu bisa
1 .....................
....................
Mun di ajar ulah Bangor
Bisi katinggaleun batur
2. .....................
......................
Omat ulah osok nyonto
Eta teh gawe curaling
3. ......,............
...................
Ngimpi hayang jadi dokter
Ngitung bae henteu bisa.
4. ................
................
Pa Ibnu guru fisika
Keur kasep teh jaba bageur
5. ...............
...............
Ngomong Inggris mani tipis
Hanjakal sunda teu bisa
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda – Sisindiran
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :
Sisindiran mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Umpama dina sastra Indonesia, sisindiran sarua atawa sarupa jeung pantun. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta rarakitan, paparikan jeung wawangsalan. Sedengkeun umpama ditilik tina eusi atau maksudna, aya sisindiran anu eusina mangrupa papatah, aya sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy.
Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina sapadalisan sisindiran aya dalapan engang. Dina sisindiran aya bagean sampiran atawa cangkang jeung bagean eusi.
Dina rarakitan jeung paparikan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Di handap ieu nyaeta cangkang jeung eusi sisindiran anu ditanyakeun salengkeupna :
1 Rek jalan-jalan ka Bogor
Bari mawa papan catur
Mun di ajar ulah Bangor
Bisi katinggaleun batur
2. Aya ramat dina panto
Aya pare keur digiling
Omat ulah osok nyonto
Eta teh gawe curaling
3. Mun panggih mah sok ngageter
Di tukang loba carita
Ngimpi hayang jadi dokter
Ngitung bae henteu bisa
4. Rek jalan-jalan ka kota
Tapi hayangna dianteur
Pa Ibnu guru fisika
Keur kasep teh jaba bageur
5. Tangkal hiris meni ipis
Rek di ala ku mang isa
Ngomong Inggris mani tapis
Hanjakal sunda teu bisa