B. Daerah

Pertanyaan

1. guru lagu nyaeta ..
2. guru wilangan nyaeta ..

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Guru lagu jeung guru wilangan teh nyaeta patokan atawa aturan anu aya dina hiji puisi, saperti dina pupuh. Guru lagu nyaeta aturan anu aya patalina jeung sora tungtung engang anu aya dina unggal padalisan hiji puisi. Sedengkeun anu dimaksud guru wilangan nyaeta aturan anu aya patalina jeung lobana engang dina unggal padalisan hiji puisi jeung lobana padalisan dina sapada puisi.

    Ditilik tina rumpakana, aya sawatara puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta saperti aturan guru lagu jeung guru wilangan, jeung aya deui sawatara puisi anu teu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Conto puisi Sunda anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan nyaeta saperti sajak jeung kawih. Sedengkeun puisi Sunda anu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan nyaeta saperti guguritan jeung wawacan.

Pertanyaan Lainnya