naon artina dihulag ??
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Hartina dihulag nyaeta dilarang, dicaram atawa dicarek. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Kecap dihulag bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat / lemes boh dina ragam basa loma.
Aturan atawa katangtuan ngenaan ragam basa dina basa Sunda baheula mah disebut Undak usuk Basa Sunda tapi kiwari mah disebutna Tatakrama Basa Sunda
Pembahasan
Dina basa Sunda aya sawatara kecap anu ngan bisa dilarapkeun dina ragam basa hormat wungkul, atawa dina ragam basa loma wungkul, atawa boh dina ragam basa hormat boh dina ragam basa loma saperti kecap dihulag. Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur.
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Tingkatan bahasa dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/6748792
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman
Bab : 1
Kode : 7.13.1
Kata Kunci : Undak usuk Basa Sunda