Sisindiran nyaeta...
B. Daerah
oniichWan
Pertanyaan
Sisindiran nyaeta...
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Sisindiran nyaeta salahsahiji rupa puisi Sunda. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, mantra, sajak, guguritan, pupujian jeung kawih.
Umpama dina sastra Indonesia mah sisindiran teh sarua jeung pantun. Saperti dijentrekeen di luhur, dina puisi Sunda oge aya anu disebut carita pantun. Tapi carita pantun beda jeung pantun anu aya dina sastra Indonesia atawa sisindiran anu aya dina sastra Sunda. Saperti dijelaskeun di luhur, carita pantun mah eusina mangrupa carita sedengkeun pantun (sisindiran) mah eusina henteu mangrupa carita.
Umpama ditilik tina wangun rumpakana, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Sedengkeun umpama ditilik tina eusi atawa maksuda, aya sisindiran anu eusina mangrupa papatah, aya sisindiran anu eusina mangrupa silih asih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Kalimah dina sisindiran mangrupa kalimah anu nyindiran. Dina unggal padalisan sisindiran biasanya aya dalapan engang.
Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan, aya dua padalisan. Dina sisindiran aya bagian anu disebut cangkang jeung bagian anu disebut eusi. Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi. Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupaa eusi.