Fungsi pupujian nyaeta
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pupujian
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Fungsi pupujian aya dua nyaeta fungsi ekspresi jeung fungsi sosial. Tapi kadieunakeun fungsi sosial nu aya dina pupujian jadi tambah gede. Naon maksudna?. Umpama ditilik tina rumpakana pupujian oge sarua saperti sajak, nyaeta mangrupakeun alat pikeun ngedalkeun atawa ngaluarkeun ekspresi pribadi.
Tapi kusabab eusi tina pupujian teh nyaeta mangrupa doa atawa ngagungkeun ka Allah SWT, shalawat ka Nabi Muhammad atawa mangrupa pepeling, pupujian oge jadi miboga fungsi sosial atawa agama. Tapi kadieunakeun fungsi ekspresi tina pupujian jadi henteu pati kaciri deui, anu leuwih kaciri nyaeta fungsi ekspresina.
Ditilik tina rumpakana, pupujian teh mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda nyata puisi nu eusina mangrupa carita jeung puisi nu eusina henteu mangrupa carita. Pupujian kaasup kana wangun puisi nu eusina henteu mangrupa carita.
Conto puisi Sunda nu eusina henteu mangrupa carita, salian ti pupujian, nyaeta saperti sajak, sisindiran, guguritan jeung mantra. Sedengkeun conto puisi Sunda nu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Pupujian oge kaasup wangun puisi nu teu kaiket ku aturan.
Umpama ditilik tina wangun rumpakana, aya dua rupa wangun puisi Sunda, nyaeta puisi nu kaiket ku aturan jeung puisi anu henteu kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda nu teu kaiket ku aturan, salian ti pupujian, nyaeta saperti sajak jeung mantra. Sedengkeun conto puisi Sunda nu kaiket ku aturan nyaeta saperti guguritan jeung wawacan, anu kaiket ku aturan pupuh.
Kata Kunci : Fungsi pupujian